wilujng tepang

wilujng sumping di blog abdi.. nu sakieu buktosna.. nyanggakeun sa aya aya wee.. da sakieu ayana. maklum masih di ajar.. heheee..

Rabu, 16 Agustus 2017

Curat coret 3

PEUTING teh teuing ku simpe, jungjunan, peuting nu malidkeun panineungan tadi beurang. Kalangkang urang duaan, lalampahan urang duaan, jungjunan, kumayang deui dina ingetan! Basa urang ngambah tresna, basa mulang ti kota rek ka Bolenglang, basa nganteur salira mulang, ebreh nembongan. Harita langit sore bear marahmay, jomantra atra lenglang. Sang surya leuleuy sorotna, nyaksian urang nu ngalengkah paduduan di jalan satapak, jalan nu meuntasan pasawahan. Lengkah teh teuing ku anca, manjangkeun lalampahan, ngarah henteu gancang-gancang cacap. Da kitu mun hate kebek ku cinta mah, rasa kaancikan heabna sungkan papisah, dunya ulah hayang mituray, waktu kudu tunduk ka nu keur patuyun-tuyun. Ulah ganggu, teu kaci mun nyisikudi.
Harita, ah, aya ku endah salira meulitkeun asih kana ati, ku harewos nu haroshos. “Kang, cinta teh endah, nya? Lir sajak leubeut ku majas, lir langit taya tutugan, lir bentang baranang, lir kembang arum ambeuna. Cinta urang mugia manjang ka subaya rumah tangga!” Sora salira dina heabna napas, lir angin nu rintih, tintrim, niiskeun batin. Harewos salira sumarambah kana bayah, matak tigin dina asih, palias rek jalir jangji. Mugia niat salira, hayang cacap ka rumah tangga, masing kateda Ku Nu Kawasa.
Lengkah ngarandeg di hiji mumunggang peuntaseun sawah. Urang calik sisi gawir, paduduaan, reureuh sakedapan, nyawang sawah ti mumunggang. Salira muragkeun mastaka dina taktak Engkang nu oyag ku hegak. Kembang eurih warna kapas katebak angina sore, ngalengleong kakalayangan, terus eunteup dina rambut mayang salira. Ku Engkang diusap dina hengak tresna nu jembar. Jaga eta rambut teh bakal leubeut ku malati. Kembang papaes di tamansari para dewi, kembang lambang kasucian para dayang, malati silib sajatining asih, dironce sina meulit dina sanggul salira. Ah, jungjunan, asa nyeblak nyawangna. Malati lambang kasucian asih bakal meulit dina korsi jatukrami, silib asih yen urang jadi rarabi, asih nu sumanding masing seungit siga malati, palias laas ku mangsa, paralun kapurba ku jaman. Ah, asa hayang geura tepang jeung jaga, tepangna cinta dina ijab kabul ngarapalan.
Jungjunan, teuteup salira harita neuteup na amparan sawah. Cek salira, lalampahan cinta dina amparan rumah tangga lir patani nu miloma sawah, lir patani dalit jeung Nyi Pohacina. Temen wekel ngolahna, tulaten miara parena, nyinglar hamana, ngagemuk nu dipelakna, nyieuhkeun manuk nu ngahelaranana, bari teu petot ngalirkeun cai kana kotakanana, tangtu bakal kapetik hasilna kaala buahna. Mugia sing kitu, jungjunan. Acining Pohaci aya di salira, Engkang mah kadar nu miarana, nu ngagemukna, nu ngajagana, nu nyeboranana. Engkang patanina, salira Nyi Pohacina. Silih titipkeun asih, silih talingakeun rasa, malah mandar buahna kaala, rasana kateda ku urang duaan.
Nyawang langit ku rasa cinta, jungjunan, estuning teu karasa. Urang uplek silih teuleuman rasa, urang ngencarkeun katresna, kokojayan dina ulekan kanyaah. Ari wayah teu dipirosea, terang-terang sang surya ngalayang murag ka jurang sareupna. Terang-terang layung geus hurung. Mancur lir emas sinangling, lir teja gumilang. Eta sumirat layung, jungjunan lir cinta urang duaan, hurung mancur ngahibaran sukmaning asih!
Harita tonggeret ngageuing lilir, nitah urang mulang ka sarakan. Memang urang kudu mulang, kudu mungkas carita tresna poe eta. Padahal duriat masih ngawang-ngawang, asa lewang mun paturay, najan paturay saheulaanan. Jungjunan, urang ulah kamalinaan, bisi aya sandekala, da cenah, sareupna sok ulayaban. Bisi ngancik dina sukma urang duaan, temahna matak cilaka. Kapan cinta mah ngan semet subaya, semet paantel rasa. Ulah liwat ti eta.
Ah, jungjunan, ngalayang deui dina ciptaan tadi beurang urang duaan, di kota sukan-sukan, ngebrehkeun cinta dina poe cinta. Najan, cenah, eta carita budaya wetan, tapi da bongan urang keur silih cinta, eta mangsa ditarima, najan teu hayang sagalana ngiblat. Lantaran sajatining cinta mah silih jaga. Ari cinta sajati nyaeta nu teu silih hinis. Cinta urang mah aya dina kalangkang kaimanan, jungjunan. Cinta asih sina suci, sina jadi cai talaga nu ngemplang herang. Jaga oge urang nu boga, sagalana jang urang duaan! Ngarah cinta jadi bukti, teu jalir kana jangji, tetep tigin dina suci.
Lengkah urang duaan na jalan satapak, dianteur ku haleuang cinta. Aya tembang, aya asmarandana, aya kawih nu ngusapan rasa. Harita hawar-hawar dina hate Engkang, aya tembang nu kacinda endahna, tembang nu palias sumbang. Haleuang endah, nu baheula sok di haleuangkeun di sakola. Lagu Layung Gandrung, rumpakana endah kacida, yasana Bakang Abubakar.
………
Sariak layung, halodo ka sorenakeun
kuring ngebrehkeun kahayang,
kayang nu lain-lain,
hayang gaduh jangjang cara walik,
ngarah bisa ngapung ngawang-ngawang,
ngambah mega ngalalakon
…….
Enya, nya, jungjunan… mun urang boga jangjang, meureun hiber paduduaan. Di langit nu paul urang patarema cinta, maheutkeun subaya. Subaya cinta pikeun ngajugjugan alak rumah tangga.
Ah, jungjunan, dina wengi ieu Engkang ngaherang, mapaykeun deui panineungan tadi beurang. Beurang nu seungit ku kembang tresna, beurang nu cangra ku sumiratna cinta. Keun wae picisan oge, keun wae sentimental oge, da batur mah moal ngarasa siga kumaha rasa urang harita.
Jungjunan, sing tibra, sugan sukma kumayang, ngalalakon dina impian asih, hiji adegan cinta urang duan. Da Engkang mah asa gulinggasahan, jungjunan! Emut wae ka salira. Salira bet kapiraray bae.

Curat coret 2

Naha beut anjeun ngajauhan
naha beut anjeun ngabalier.

naha kuring anu salah?
naha kuring anu teu ngarti?
cing geura balaka.

naon kasalahn kuring
lamun kuring anu salah hampura
kuring moal ngangu deui anjeun

hampura nu geus kaliwat
cag nepi kadieu carita kamari
ulah di guar deui

Aanjeun teu kudu ngajauhan
anjeun teu kudu ngabalieur
kuring bakal ngarti lamun anjeuna balaka .

kuring nyarita bakat ku teu nyangka
kuring tutup semet deui
Hampura kuring hampura
lamun kuring anu salah.

Curat coret

cag nepi kadieu
kuring moal ngaganggu anjeun deui
hampura…
hampura nu kamari,
hampura nu geus kaliwat
hampura kuring…
teu kudu diguar deui
da hirup urang teh maju ka hareup!
lain ngan ukur poe ieu
sugan isuk masih keneh aya harepan
urang bisa diuk babarengan deui
siga baheula, basa urang can nyaho hartina hirup